Pengertian Wawacan dan Contohnya
Pengertian
Wawacan adalah puisi bahasa sunda yang terikat oleh aturan pupuh dan sekar
Wawacan mangrupa puisi anu eusina mangrupa carita, jadi wawacan mah dipintonkeunnana saperti ngadongeng.
Wawacan berupa puisi yang berisi tentang sebuah cerita, wawacan dibacakan seperti mendongeng
Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung wungkul.
Wawacan biasanya menggunakan pupuh yang ada di dalam Sekar Ageung
Contoh
Wawacan Gandasari
(Pupuh Sinom, 16 Pada)
Kuring diajar nyarita, tapi basa langkung la'ip, nyaritakeun nu baheula, Ki Ganda sareng Ki Sari, jeung rakana sareng rai, ·saderek tunggal sasusu, geus lawas teu patepang, geus kitu tuluy papanggih, barang amprok tuluy sasalaman.
Eh Kakang hatur bagea, eta catuma Ki Sari, naha Kakang lawas pisan, ayeuna Kakang papanggih, iraha Kakang nya sumping, ayeuna katimu timana nya ngumbara, geus lawas hanteu papanggih. Kai Ganda ngawalon, saparanparan.
Kakang kuring atoh pisan, ayeuna Kakang papanggih mangga Kakang geura dahar, tilam sono jisim kuring, prak dahar raka jeung rai, di bale papayunpayun, jeung bari sasauran, duaan pademitdemit, Kai Sari pok nanya ka Ki Ganda.
Kang rai hayang uninga, lampah poe anu dihin, reujeung kalakuanana, geura popoyan geura kuring, reujeung dewana teh deui, eta poe anu tujuh, Ki Ganda seug popoyan, Kang raka man nya pamanggih, tapi duka mun salah Kakang pagahan.
Mimitina poe Ahad, eta anu dihin, Sarangen~ lakuna mah, dewa Badak ceuk wong alim, reujeung poe Senen deui, dewana ge meureun lauk, lakuna oge kembang, ki Sari nyarita deui, bener temen rempag jeung pamanggih kula.
Jeung eta poe Salasa, mangga Kakang wejang deui, sareng Rebo sakalian, Ki Ganda nyarita deui, Salasa lakuna deui, seuneu basa Kakang kitu, dewana meureun oray, Reho mega nu dilangit, dewa macan kitu panggih pun Kakang.
Kemis raspati ngaranna, eta teh lakuning angin, dewana manuk ngarana, Juma'ah lakuning cai, seug haturan Kai Sari, dewana eta pisaur, Ki Ganda ngawalonan, bangkong dewana di cai, sapatotos reujeung pamanggih kaula.
Poe Saptu eta Kakang, sumangga popoyan deui, sim kuring hayang uninga, saur Ki Ganda deui, Saptu mah lakuning bumi, Ki Sari pok deui matur, naon dewana Kakang, sumangga pihatur deui, dewa monyet kitu pamanggih pun Kakang.
Seug Ki Sari sasalaman, sapatotos jeung sim kuring, kuring sok hayang uninga, deukeutna jeung jisim kuring, poe anu tujuh geuning, di mana enggonna campuh, reujeung badan kaula, hayang uninga kang rai, Kai Ganda tidinya tuluy popoyan.
Mimitina poe Ahad, ahadiat ngan sahiji, lakuna lakuning soca, ayana sahiji ati, anu matak ngan sahiji, nya eta nyataning enur, Senen mah dina manah, ayana dina ati sir, kanyataan nu disebut awak urang.
Ki Sari deui nyarita, sapatotos jeung sim kuring, Salasa naon nyatana, Ki Ganda ngalahir deui, Salasa lakuning geni, di urangna dina napsu, sipatna ki amarah, cicing dina bayah deui, bijilna mah tina cepil duanana.
Rebo kanyataan, nya eta roh idopi, nyaetajenengan urang, jeung Kemis lakuning angin, lain angin kumbang leutik, lain angin Barat liuh, angin jatining napas, hanteu kandeg beurang peuting, mun ngarandeg tinangtu jagatna ruksak."
Ki Sari atoh kacida, sapatotosjeung sim kuring,jeung eta poe Juma'ah, Kakangpopoyankeun deui. Ki Ganda nyarita deui, Juma'ah nya hanteu jauh, cai eta nyatana, lain cai tina pasir, reujeung lain karacak cai susukan.
Lain cai geledegan, lain cai anu asin, eta lain cai hujan lain seuseupan nu asin, lain sagalaning cai, lain pancuran ci susu, cai nu saenyana, dingarankeun cai mani, wadi mani maningkem jadi salira.
Reujeung deui Saptu tea, eta teh lakuning bumi, lain taneuh anu gempal, lain taneuh porang pasir, lain taneuh nu karikil, lain taneuh beureum gunung, lain taneuh sagala, kanyataan bumi jisim, ngan sakitu rai pamanggih pun Kakang.
Seug Ki Sari sasauran, Sapatotos jeung sim kuring, pamanggih kuring nya eta, Ki Ganda sareng Ki Sari, jeung rakana sareng rai, duaan patingareluk. hidayat temen urang, jeung dulur papanggih deui. ngan hadena urang hanteu kasamaran.